Warung Internet

Pasir Pogor,Cikadu,Sukalarang

Lintas Bewara Sunda.--Pasir Pogor teh nya eta hiji pasir wetaneun lembur Cikadu ,Desa Sukalarang, Kacamatan Sukalarang, Kabupaten Sukabumi. Ceuk beja kokolot urang Cikadu pangna disebut Pasir Pogor teh pedah aya anu ngagegeuh namina mapogor.
Lain urang Bogor .kunaon atuh mka diseubat pasir pogor?  Ceuk urang Cikadu keneh, memang galibna kitu, sabab jang anu percaya mah bisa dipake sareat pikeun ngukur nasibna hiji jalma.
Nurutkeun urang Cikadu,  di Pasir Pogor teh aya batu panjang.
Tapi ceuk kokolot di eta lembur, kade ulah salah harti, Pasir Pogor mah lain tempat munjung atawa muja, da munjung mah kudu ka indung muja kudu ka bapa, leuwih merenah hiji tempat pikeun jalma nu hayang noropong atawa ngolongan nasibna dina mangsa nu keur disanghareupan.
Bisa sagala rupa nu aya pakaitna jeung haliyah dunya, jabatan, jodo atawa bisa oge pamaksudan lianna. Upamana bae, hiji jalma boga karep hayang naek pangkat, pikeun ngolongan tinekanan jeung henteuna teh bisa kanyahoan lamun datang ka Pasir Pogor.
Carana cenah kawilang gampang, cukup ngodok bagean taneuh anu deukeut batu panjang tea. Lamun kakodok tur meunang taneuh, cirining udagan hiji jalma engkena bisa tinekanan. Pon kitu sabalikna, lamun bagean taneuh gorowong teh teu bisa kakodok tur taneuh jeroeun nu gorowong teu bisa karanggeum, eta cirina paniatan hiji jalma moal tinekanan.
Ari batu panjang carana teh dideupaan. Lamun bisa kadeupaan, cirina paniatan atawa unek-unek jeroeun hate bisa tinekanan. Kitu deui sabalikna, lamun batu panjang teu bisa kadeupaan hiji ciri paniatan moal tinekanan.
. Waallahu alambisawab...

Source : http://www.blogger-index.com/161173-lintas-bewara-sunda

0 komentar

Tinggalkeun Balesan

Copyright © Lintas Bewara Sunda .
Javascript HOME - Diserat ku