Warung Internet

Mistéri Haur Geulis (2): Di Jalan

Mobil kijang ngadius meulah raména kota. Di jero mobil, barudak mani teu répéh. Barungah naker tayohna téh.
"Tebih kénéh, Bu?" cék Diran, ngarérét ka Bu Éni.
"Puguh atuh. Apan ieu mah di Bandung kénéh. Tuh, kakara ngaliwat ka Kebon Binatang!"
Pa Oding calikna dina jok payun, gédéngeun supir. Ari jok tukang mah dilaaan, da ngarah lalega. Diamparan samak wéh. Babawaan dibugbrugkeun di tukang. Bu Éni calik di beulah kénca, diriung ku barudak awéwé. Pahareup-hareup jeung barudak lalaki.
"Buka kaca mobil téh, eungap!" cék Bu Éni.
Emod hideng. Tapi mani lila naker.
"Teu tiasa abdi mah, Bu!"
"Belet geuning. Kieu yeuh, ari muka kaca mobil!" cék Diran.
"Da uing mah teu boga mobil!"
"Masing teu boga ogé, kudu diajar, ngarah henteu kampungan!"
"Tong gandéng teuing barudak, bisi ditéwak pulisi!" Pa Guru nyelengkeung ti payun.
Jep barudak jempling, ari ngadéngé pulisi disebut-sebut mah. Tapi teu lila kituna téh, heuleut sababaraha menit ogé geus galécok deui.
"Naha mani ngan genepan nya, asa teu ramé!" cék Rudi.
"Hayang ramé mah di Kebon Binatang atuh!" témbal Diran.
"Arembungeun indit ka lembur mah," cék Bu Éni. "Kahayangna téh ka Taman Mini atawa ka Ancol."
"Upami murangkalih teu aya nu ngiring, Bu Éni badé angkat?"
"Arék Ibu mah, kajeun duaan jeung Pa Oding!"
Barudak silih-rérét.
"Ibu mah aya kaperluan séjén. Ibu téh keur neruskeun sakola, ayeuna kudu nyieun skripsi!"
"Naon skripsi téh, Bu?" cék Emod.
"Naon, nya. Karangan wé atuh. Tah, anu kudu dikarangna téh, lembur Haur Geulis téa!"
"Badé saha nu boga lalakonna, Bu? Diran wé atuh, sina jadi jagoan sapertos Héri Puter!"
"Sok maca buku Héri Puter kitu?"
"Muhun, pamasihan ti pun Bapa. Saé cék pun bapa téh. Diran ogé resep!"
"Héri Puter téh kapal udara téa?" cék Emod.
"Enya, nu sok muih kolécérna!" Rina nyikikik. Nu séjénna patingcakakak.
"Jempé, aya pulisi!" Pa Oding nyelengkeung deui.
"Héri Puter téh, tokoh dina éta buku, Mod. Nu boga lalakonna!" cék Diran.
"Da uing mah tara maca atuh. Balik sakola kudu mantuan dagang di pasar. Buritna ngeusian bak mandi. Peutingna saré!"
"Buku naon baé nu dibaca ku Diran téh?" cék Bu Éni.
"Seueur, Bu. Pun bapa anu sok miwarang maca téh. Saurna, ti batan nongton télévisi mah, mending kénéh maca."
"Buku basa Sunda sok maca?"
"Kantenan. Ngan seueur nu teu ngartos. Sok ditaroskeun wé ka Mamih, da kaleresan urang Cianjur, pinter basa Sunda. Ari Papih mah urang Jakarta, teu tiasaeun basa Sunda!"
"Uing nginjeum atuh, Dir!" cék Emod.
"Ulah, ah. Bongan tara mulangkeun. Tuh, pulpén ogé can dipulangkeun, nya. Ka dieukeun!"
"Tong dipénta di dieu atuh, da teu dibawa!"
"Ari Emod resep maca mah, di imah Ibu seueur buku!"
"Tiasa ditambut?"
"Puguh atuh."
"Kumaha perkawis karangan Ibu téh, saha nu boga lalakonna? Upami tos janten buku, tiasa ditambut!" cék Diran.
"Da béda karangan Ibu mah. Henteu kawas Héri Puter!"
Jep sakeudeung. Kawas keur naréangan piomongeun. Rina muka bebekelanana, murak coklat jeung kuéh. Diturutan ku nu séjénna.
"Manéh mekel naon, Mod?" cék Diran bari ngagayem kuéh.
"Uing mah mekel cau, sésa dagangan. Euleuh, mani pejét kieu geuning, katindihan ku kantong manéh, Rin!"
"Naha da kantong Rina mah di dieu. Kantong Si Diran sugan!"
"Teu umum atuda mekel cau mah, mun piknik ka Kebon Binatang mah, bisa dibikeun ka monyét!"
"Da uing mah teu boga nanaon deui. Ieu ogé apan kuduna mah dijual!"
"Sok atuh dibeuli ku Ibu?" cék Bu Éni, bangun karunyaeun.
"Ah, teu kedah. Mangga baé badé ngaraosan mah!"
"Sok dagang kitu Emod téh?"
"Leres. Da pun biang répoteun, upami teu dibantuan mah!"
"Ari bapa Emod ka mana kitu, tara dagang?"
"Pun bapa mah muka tambal ban di sisi jalan, dina trotoar!"
"Muhun, Bu, basa ban mobil Rina kempés ogé, ku bapa Emod ditambalna téh!" cék Rina.
"Ari Emod boga lanceuk?"
"Gaduh hiji. Sakolana mung dugi ka SMP. Teras baé mantuan pun bapa!"
"Naha teu diteruskeun sakolana?"
"Teu gaduheun artos!"
"Atuh Emod ogé moal diteruskeun meureun?"
"Duka, tah. Tos kaluar SD mah, badé teras baé ka SMP. Ngan cék pun bapa, asal Emod keyeng, bakal tiasa sakola luhur. Leres kitu, Bu?"
"Enya. Asal Emodna wé ulah ngedul!"
Jep jempling deui sakeudeung.
"Tong gancang teuing ngalumpatkeun mobil téh, Mir. Sok gegebegan Bapa mah!" cék Pa Oding.
"Henteu, Pa. Apan sakieu nuju macétna. Tuh, nu sanés ogé ngeyented!"
"Aéh, heueuh, nya!"
Key téh barudak sareuri. Da puguh ti tatadi ogé, mobil mah teu kaur maju. Randeg deui, randeg deui.
"Nyeungseurikeun saha éta téh?" Pa Oding ngalieuk ka tukang. Mani kawas gaang katincak atuh, barudak ngadadak jempé. Bu Éni nutupan bahamna, mengkek piseurieun. Diran ngusek bari nyuksruk kana taktak Emod. Ari Rina mani tipepereket ngégél biwir.
"Cicing atuh, Dir, uing géték!" cék Emod.
"Urang nyanyi ah, tamba tiiseun teuing!" cék Rudi, anu ti tatadi teu kecét-kecét.
"Alah, kawas boga sora alus baé!" cék Rina.
"Jeung nyanyi mah mending ngadongéng!"
"Enya, ngadongéng, lah. Tapi dongéng naon, nya. Dongéng Putri mah geus bosen. Tah, enya, Emod wéh sina ngadongéng!"
"Uing kudu ngadongéng?" Emod kerung. "Teu bisa ah, ari lain dongéng Si Kabayan Ngala Tutut mah!"
"Dongéng lembur wé atuh!" cék Diran. "Cénah Emod mah kungsi cicing di lembur. Kumaha tah, nu disebut lembur téh?"
"Naon anu kudu didongéngkeunana?"
"Kieu wé atuh," cék Rina. "Rina rék nanya, engké ku Emod jawab!"
"Kawas keur ulangan baé!"
Bu Guru mésem. Anjeunna mah terus muka buku, duka maca naon.
"Sok atuh, rék nanya naon?"
"Kieu. Apan urang rék ka Haur Geulis. Tah, ari nu disebut haur téh nu kumaha. Ari nu geulis mah apal, nu siga Rina sugan!"
"Huuuuh!"
"Kumaha ieu téh, ti tatadi garandéng baé. Ituh aya pulisi!" cék Pa Oding. Tapi tayohna téh euweuh nu ngadéngéeun. Da barudak angger galécok.
"Kumaha?" cék Emod.
"Haur. Nu kumaha haur téh?"
"Di lembur uing mah haur téh sarua jeung awi. Nyaho meureun awi mah?"
"Wah, awi mah awi wé atuh, teu kudu disebut haur!" cék Diran.
"Hih, da awi ogé rupa-rupa. Aya awi tali, awi gombong, awi surat!"
"Geuning manéh nyaho kana silsilah awi?"
"Puguh nyaho mah, da Aki tukang nyieun bilik!"
"Bilik? Nu kumaha bilik téh?" cék Rina.
"Bilik téh awi nu dianyamkeun. Paranti nyieun imah!"
"Lain nyieun imah mah sok ku bata?"
"Teuing ah, hésé nerangkeunana ogé. Apan ieu mah keur ngadongéng haur, lin, lain ngadongéng imah."
"Leres, Bu, ari bilik sok dipaké ngadamel bumi?" Rina ngarérét ka Bu Éni.
"Taroskeun geura ka Pa Guru."
"Pa, dupi bilik téh nu kumaha?" Rina nyelengkeung.
"Sigana mah jauh kénéh. Kakara ogé nepi ka Cibiru atuh!"
Barudak kerung.
"Teu nyambung, Pa!" cék Bu Éni bari gumujeng.
"Puguh atuh. Apan engké téh bakal nyambung ka kota Sumedang. Urang sakalian baé meuli tahu bungkéng!"
Barudak silih rérét deui.
"Paingan, da geuning nuju nundutan!" cék Bu Éni. Barudak mengkek piseurieun.
"Teruskeun dongéng téh, Mod!" cék Anis.
"Ménta coklat atuh!"
"Kudu disuguh baé ieu mah tukang dongéng téh. Tah!" Rina ngalungkeun coklat sapotong.
"Apan Rina mah ti leuleutik cicing di kota, jadi moal nyaho. Di lembur uing mah, haur téh ngarungkunuk, aya dapuranana. Kumaha baé awi biasa, ngan haur mah leuwih leutik. Daunna ogé laleutik. Cék Ema mah, dina dapuran haur téh sok aya jurig!"
"Jurig? Jurig téh hantu téa?"
"Enya. Ku urang lembur, dapuran haur téh sok disuguh unggal malem Jumaah Kaliwon. Aki ogé sok nyuguh!"
"Atuh Haur Geulis ogé aya jurigan meureun. Sieun Imas mah!" "Teuing atuh. Tanyakeun baé ka urang ditu. Ngan biasana kitu. Dapuran haur mah sok aya karamatna. Sing bener suku téh, Rudi. Ulah disampaykeun kana tuur uing!"
"Enya, Rudi, apan Emod téh keur ngadongéng!" Rina muncereng.
"Cangkeul atuda. Naon ah, dongéngna ogé teu ramé. Rék gogoléran uing mah!"
"Naha bet disebut Haur Geulis, maké kabaya kitu?" cék Anis.
"Ulah nanyakeun ka uing nu kitu mah. Teu nyaho, taroskeun geura ka Bu Éni!"
"Teu nyaho Ibu ogé. Pa Oding nu apaleun mah, da geus sababaraha kali nganjang ka ditu."
"Moal tiasa ditaros Bu, apan nuju kulem!"
"Engké baé atuh ari geus nepi!"
"Ayeuna ngadongéng sawah, Mod!" cék Rina.
"Ménta deui kuéh atuh!"
"Yeuh!"
"Tah, ari sawah mah, kieu dongéngna téh. Ké heula nya, uing hayang ngagolér, cangkeul!"
"Hih, teu puguh pisan. Hanas geus dibéré kuéh!"
"Tong saré atuh, Mod. Keun antep Diran jeung Rudi mah, da tukang héés!" cék Anis.
"Euleuh, geuning geus nepi ka Jatinangor!" Imas ngoréjat bari luak-lieuk. "Baréto Imas kungsi ka dieu, basa lanceuk diwisuda!"
"Rina ogé, mun geus gedé, hayang kuliah di dieu!"
"Lila kénéh atuh, apan kakara ogé kelas genep SD!"
"Uing ogé rék kuli, ah!" Emod nyéréngéh. Sirahna nyarandé kana kaca mobil. Geus mimiti lelenggutan.
Barudak awéwé ogé siga kabawakeun. Terus baé patinglalenggut. Guher wéh saré. Tinggal Bu Éni jeung supir anu masih kénéh nyaring téh.
Mobil nyemprung ka wétankeun. Panonpoé geus rada luhur. Cahyana nyebrot kana kaca mobil, sakapeung matak sérab. Geus liwat Jatinangor mah, henteu macét teuing. Mobil beuki ngadius. Tanjungsari geus kaliwat. Léok méngkol ka kénca, ka jalan Rancakalong. Belesat deui wéh, siga rék ngudag panonpoé.
Beuki jauh, jalan téh beuki rarinjul. Mobil ogé henteu bisa gancang. Eukeur mah nanjak-mudun, katurug-turug jalanna henteu diaspal, ukur diamparan batu.
Henteu loba tutumpakan lebah dinya mah. Nu katénjo téh, ukur rajegna tangkal kai. Kebon awi patingrunggunuk di jauhna. Pasawahan héjo ngémploh, ngampar lir permadani. [ ]***(Hanca)

1 komentar

  1. Terjemahan ke bahasa indonesia kakak

Tinggalkeun Balesan

Copyright © Lintas Bewara Sunda .
Javascript HOME - Diserat ku