Warung Internet

Misteri Haur Geulis (1): Méméh Indit

"GEUS jam sabaraha, Mod?"
"Kakara ogé satengah tujuh,"
"Mani lila nya mobil téh?"
"Sigana mah di jalan kénéh. Uing gé hayang buru-buru indit ieu téh. Hayang nénjo sawah!"
"Bakal aya sawah kitu?"
"Puguh atuh, di lembur mah biasana ogé sok aya sawah. Aya walungan deuih!"
"Iraha kitu manéh ka lembur?"
"Da uing mah urang lembur. Pindah ka Bandung sotéh nuturkeun Bapa!"
"Euh, kutan. Tuh geuning, Si Rina ogé karék ngurunyung. Angger Si Éta mah sok elat baé ari rék indit-inditan téh.
Emod jeung Diran nyampeurkeun ka nu anyar datang. Rina turun tina mobil. Indung-bapana ogé milu turun.
"Tos badé angkat?" cék bapana Rina.
"Teu acan, Pa. Ngantosan heula Pa Guru!" Emod nu ngajawab téh.
"Dianteur ku saha, Mod?"
"Sorangan abdi mah, da pun biang henteu tiasa jajap, nuju ka pasar.
"Ari Diran?"
"Dianteur ku Mamih. Tuh geuning, nuju ngariung dina korsi!"
Kolot Rina terus nyampeurkeun ka nu ngariung. Ari barudak mah kalah ka ngagimbung lebah tangkal jambu. Euweuh nu répéh, pada galécok sagala dicaritakeun. Pangpangna mah, nyipta-nyipta tempat anu rék dianjangan.
"Sabaraha urang nu bakal milu téh?" cék Diran, ngarérét ka Rina.
"Cék Bu Guru mah genepan. Asalna sapuluh urang, ngan loba nu dicarék ku kolotna!"
"Rina ogé dicarék?"
"Henteu. Éh, dicarék kétang. Ngan Rina maksa. Ari cék Papih mah, bisi kasarung magar téh. Mangkaning Rina mah awéwé!"
"Uing mah tara dicarék rék ka mamana ogé!"
"Sarua jeung uing!" cék Diran.
"Geuning manéh mah dianteur ku kolot?"
"Da dianteur mah lain dicarék. Nyaaheun wé Mamih mah ka uing!"
"Da Ema uing ogé nyaaheun. Henteu nganteur sotéh, apan euweuh nu nungguan dagangan. Cing sebutan Rin, saha baé nu rék milu téh?"
"Euh, ké nya, urang inget-inget heula. Rina, Imas, Anis, Rudi, jeung manéh, Mod!"
"Naha uing teu disebut, teu dianggap jelema?" Diran nyereng.
"Aéh, enya. Ditambah wéh ku Pa Oding jeung Bu Éni. Supir wéh saurang!"
"Jadi kabéhna téh dualas urang meureun, nya?"
"Belet. Nya salapan atuh, genep ditambah tilu mah. Ari nu séjénna di mana, Mod?"
"Itu, jeung kolotna. Hayu atuh urang sampeurkeun!"
Teu kungsi lila, Pa Oding sumping kana mobil kijang. Bu Éni ogé geus tatan-tatan. Méméh indit, ngariung heula di tepas imah Bu Éni.
"Nitip pun anak, Pa Guru. Mangkaning Si Diran mah bangor pisan!" cék indungna Diran.
"Bageur ah!" Diran nyelengkeung.
"Mangga," cék Pa Oding. "Sing percanten wé."
"Badé ka mana piknik téh?" cék bapa Rina.
"Har, teu acan uninga kitu?"
"Teu puguh nguping ti budak mah. Haur Geulis, cénah. Duka tah, simkuring mah nembé nguping,"
"Leres, anu badé dijugjug téh Haur Geulis. Cék murangkalih, tos bosen cénah ari piknik ka Pangandaran atanapi Tangkuban Parahu mah. Kaleresan di wewengkon Sumedang aya hiji lembur anu disebut Haur Geulis!"
"Jadi rék ngapruk ka lembur? Kalotor atuh. Mangkaning Rina mah jariripen pisan," bapa Rina kerung.
"Enya, Rin, tong cios nya, ari badé ka lembur mah. Mending kénéh ka Taman Mini, sakantenan urang nganjang ka aki!" cék indung Rina.
"Da hoyong ngiring!" Rina ngajanggilek.
"Teu langkung éta mah. Badé ngiring mangga, moal ogé wios!" "Aya naon kitu di Haur Geulis téh, apan lembur mah seueur, henteu kudu jigjig ka Sumedang!" cék bapa Rina.
"Kaleresan Haur Geulis téh lembur budaya. Teu acan kasaba ku pangaruh ti kota. Ku emutan, barudak peryogi diwanohkeun kana suasana anu bénten sareng di kota,"
"Naon mangpaatna, asa teu kahartos!"
"Sajabi ti kanggo kapentingan pangajaran di sakola, barudak ogé tiasa wanoh kana kahirupan urang lembur. Kana adat kabiasaanana, kana padamelanana!"
"Tong cios nya, Rin?"
"Hoyong ngiring. Upami teu diwidian, Rina rék kabur!" cék Rina.
"Hih, naha budak téh, mani teu beunang dicarék. Candak atuh hénpun, ngarah Bapa gampil nelepon!"
"Punten baé, Pa. Ti batan janten émutan mah, mending ulah sina ngiring. Komo deui bari nyanyandak hénpun, kumaha upami ical?" cék Pa Oding.
"Heug atuh. Nitip wé, Pa Guru, masing tiasa nalingakeunana!"
"Insya Alloh."
"Mamih mah moal nyarék," cék indung Diran. "Ngan kahadé teu meunang bangor. Aya béjana di sakola ogé, manéh mah teu nurut ka guru!"
"Moal atuh, Mih!" cék Diran.
Nu séjénna ogé peupeujeuh ka anakna. Indung Imas mah nepi ka reumbay cipanon. Barudak awéwé loba nu ngahinghing, bari paungku-ungku jeung indungna. Pa Guru tibang mésem.
"Dasar piindung!" cék Emod, gegerendengan sorangan.
"Hayu atuh, ari tos siap mah!"
"Ké heula Pa Guru, badé sabaraha dinten di ditu téh?" cék bapa Rina.
"Kirang-langkung tilu dinten."
"Ayeuna téh dinten Kemis. Saptu ogé tos aya di Bandung panginten?"
"Insya Alloh upami teu aya wagelan mah!"
Barudak terus arasup kana mobil.
"Euweuh nu tinggaleun?" cék Bu Éni.
"Teu aya!"
"Kantong geus diasupkeun kana mobil?"
"Parantos!"
"Nam atuh!"
Gerung, mobil dihirupan. Geleser, maju lalaunan. Indung Rina gugupay, kitu deui nu séjénna. [] (Hanca)

0 komentar

Tinggalkeun Balesan

Copyright © Lintas Bewara Sunda .
Javascript HOME - Diserat ku