Warung Internet

TATARUCINGAN KUMPLIT JEUNG JAWABANANA

Sok emut jaman kapungkur nuju alit keur ngariung sakulawarga,pun bapa sok naros ku tatarucingan diantawisna sapertos kieu....

  1. Sato naon anu pang leutikna saalam dunya? {Cacing cacingan)
  2. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti Luarna)
  3. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
  4. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
  5. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
  6. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
  7. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
  8. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
  9. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
  10. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
  11. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
  12. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
  13. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
  14. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
  15. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
  16. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
  17. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
  18. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
  19. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
  20. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
  21. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
  22. Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
  23. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
  24. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
  25. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri
  26. sukuna)
  27. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
  28. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
  29. Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
  30. Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
  31. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
  32. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
  33. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
  34. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
  35. Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
  36. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
  37. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui)
  38. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
  39. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
  40. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)
  41. Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
  42. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
  43. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
  44. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
  45. Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
  46. Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
  47. Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
  48. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal tititinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna) Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)
  49. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
  50. Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
  51. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
  52. Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
  53. Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
  54. Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
  55. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
  56. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
  57. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
  58. jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
  59. Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
  60. Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
  61. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)
  62. Naha superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
  63. Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
  64. Buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
  65. Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
  66. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok
  67. dibabawa ku tukang jamu)
  68. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
  69. Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung)
  70. lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
  71. Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
  72. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
  73. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
  74. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
  75. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
  76. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
  77. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
  78. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
  79. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
  80. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
  81. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
  82. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
  83. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
  84. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
  85. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
  86. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
  87. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
  88. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
  89. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
  90. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
  91. Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
  92. Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
  93. Asup tarik kaluar laun. (Leho)
  94. Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
  95. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
  96. Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
  97. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
  98. Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
  99. Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
  100. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
  101. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
  102. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
  103. Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
  104. Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
  105. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
  106. Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
  107. Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
  108. Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
  109. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)
  110. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.  (Toge)
  111. Hayam naon anu sukuna sarebu?  (Hayam keur pawey)
  112. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
  113. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
  114. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
  115. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
  116. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,sakali nyebut! (Rujak)
  117. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
  118. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
  119. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
  120. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
  121. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
  122. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
  123. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
  124. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
  125. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
  126. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
  127. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
  128. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
  129. Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
  130. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
  131. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
  132.  Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
  133. Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
  134. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.  (Tai kotok napel dina tihang listrik)
  135. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
  136. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
  137. Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
  138. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
  139. Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)

49 komentar

  1. cing itung badak cekong sabaraha hiji panonna?

  2. Hideung, dibuka beureumg di colok ku curuk ngajerit?

  3. Anonim says:

    bodas leutik lumpat kenceng,naon tah..??

  4. Anonim says:

    ditingali bolong di colok ngajerit?

  5. Anonim says:

    sumur leutik cai beureun naon cing?

  6. PC says:

    nuhung kang sae pisan ey

  7. Unknown says:

    Alus pisan .hehee

  8. bikin ngakaakkk.. hatur nhuun aahhh

  9. Unknown says:

    Nabi naon nu te ngaroko tapi hideng

  10. Anonim says:

    Aya nu teu payu euy!!!! hahahaha!!!!

  11. Unknown says:

    Cing taruciiing .... buah naon anu aya kolam renangan hayooooph hadiahna delman mang adun ... candak peser nyalira wkwkwkkwkw

  12. Unknown says:

    Nabiwir ....mana dieu hadiah na hayoh ahaha

  13. Unknown says:

    Nabiwir ....mana dieu hadiah na hayoh ahaha

  14. Unknown says:

    Cing taruciiing .... buah naon anu aya kolam renangan hayooooph hadiahna delman mang adun ... candak peser nyalira wkwkwkkwkw

  15. Unknown says:

    Bapak jeng indung na d ceupeungan ari anak na di tincakan naon tah

  16. hahaydeuhh sae pisan nya blog na :) bikin senyum senyum sendiri

  17. Unknown says:

    Siip laaahhhhhh.....

  18. Unknown says:

    Matak nyeri kulit beungeut!!!!!!! Gkgkgkgkgkgkgk..........

  19. Rifaziah says:

    Remeh napel dina kareta api nu keur maju

  20. Unknown says:

    di gas maju di erem potong ,cing naon???

  21. Anonim says:

    Memek nu ges baokan

  22. Anonim says:

    Hahaha...ngawaduk

  23. Unknown says:

    Cing bahasa cina na teu apal jalan naon

  24. Unknown says:

    Tahu tahu naon anu eweuh bentukna? Bubuk Tahu (Dengeun sangu tea ning, hehe). Bilih aya nu milarian video tarucing mangga aya di dieu:
    http://tarucinggaring.blogspot.co.id

    Punten ngiring promo kang :) Hatur Nuhun..

  25. Unknown says:

    1.Piring, piring naon lamun peting bisa nempo bulan, hadiahna setum menang nambal ban,nya wkwkwk, 2. Naha lamun peting haredang kudu mawa panto mobil?
    Hadiahna anak buyut hahahaha

  26. Unknown says:

    BANTUAN YEUH AYA BUAH MELON DI BOLONGAN TERUS DI ASUPKEN ESBATU di kocok kocok jadi naon tah

  27. Unknown says:

    Bahasa china na domba leupas naon ?

  28. Unknown says:

    Saha bapana leungeun, jeung saha bapana suku??? ( Aya indung pasti aya bapa)

  29. Anonim says:

    Diasupken kalah kaluar

  30. Anonim says:

    sanes kang

  31. andini says:

    sae artikelna

  32. Unknown says:

    Naon ath isina

  33. edimmaulan says:

    Kapanjangan tina KLM Naon nya ??

  34. Unknown says:

    Cing pangajawabken
    Naon sabab na bajing make luncat

  35. Unknown says:

    Naon kapanjangan tina klm

Tinggalkeun Balesan

Copyright © Lintas Bewara Sunda .
Javascript HOME - Diserat ku