Warung Internet

Dongengek GAGAK HAYANG KAPUJI


Kacaritakeun aya hiji gagak anu maling dengdeng tina pamoean. Atuh geleber hiber bari mawa ngegel  dengdeng tea kana tangkal kalapa anu luhur di sisi lembur.Tapi hanteu mulus da kabeneran harita katempoeun ku anjing si belang nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina sakadang anjing belang. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.



Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”

Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge . Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh”. Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.

Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”.

Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala.

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.
Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.

0 komentar

Tinggalkeun Balesan

Copyright © Lintas Bewara Sunda .
Javascript HOME - Diserat ku