Warung Internet

Sapasang hacker atawa peretas ti Jerman junun membobol komputer 50 artis top dunya ngaliwatan virus Trojan. Para hacker jerman éta disangka geus nyokot musik panganyarna anu tacan dirilis, kartu kredit, surélék, gambar sarta vidéo buligir para artis kasebut. Para peretas éta geus nyokot lagu-lagu panganyarna sarta vidéo séks béntang kaceluk kawas Lady Gaga, Rihanna, sarta Justin Timberlake.

Lintas Bewara Sunda : Gubernur DKI Jakarta, Fauzi Bowo ngomong saprak H-7 nepi ka jeung poé ieu jumlah pemudik anu geus ninggalkeun Jakarta kira-kira lima juta jelema.

Hal kasebut ditepikeun waktu ngadongdon Terminal Beus Antar Dayeuh Antar Propinsi (AKAP) Kampung Rambutan, Minggu (28/8). "Pikeun penclut arus mudik lumangsung kamari sarta poé ieu di sajumlah titik pemberangkatan. Nepi ka poé ieu angka pemudik anu geus ninggalkeun Jakarta kira-kira 5 juta jelema, sarta baris terus nambahan nepi ka isukan," cenah.Bacasalengkepna
Lintas Bewara Sunda : Saban beus anu henteu laik jalan, baris diusir kaluar terminal Cicaheum. Sirah Terminal J. Juanda ngomong, saprak H-7 nepi ka H+7 Lebaran, pihakna sarta Dishub Dayeuh Bandung ngalakonan tes kelaikan jalan pikeun ngajamin kaayaan téknis tutumpakan.

"Lamun dipikanyaho henteu laik jalan, beus kasebut baris dikaluarkeun ti terminal pikeun dipigawé perbaikan. Sanggeus dibenerkeun, kakara kaci deui pikeun operasi," kecap Juanda, sabot dipanggihan di Terminal Cicaheum, Minggu (28/8) beurang.

Dina dua minggu pamungkas, tuluy manéhna, kira-kira 4% ti 260 beus anu dipariksa ngarémpak sarat laik jalan. Manéhna ngomong, palanggaran kasebut mayoritas mangrupa palanggaran trayek, sarta kaayaan téknis tutumpakan."Contona ban anu geus gundul, atawa kaayaan mesin anu geus henteu minuhan sarat," kedalna.
Lintas Bewara Sunda :  Ngasupan H -2, Minggu (28/8) arus patalimarga tutumpakan pemudik anu ngaliwat di wewengkon Kabupatén Cianjur masih relatif lancar, tacan aya kanaékan signifikan. Utamana di wewengkon penclut Kab. Cianjur dina beurang poé arus patalimarga tutumpakan relatif keupat. Kepadatan tutumpakan ngan kasampak di sawatara lokasi, kawas ruas jalan kira-kira pasar Cipanas, sarta puseur dayeuh Kab. Cianjur.

Di Kabupatén Cianjur, pemudik anu ngaliwat masih didominasi tutumpakan kikiping dua. Iring iringan pemudik anu ngagunakeun sapédah motor ti arah bogor nuju Cianjur sarta Bandung, mimitian ramai dina isuk-isuk poé, ngasupan beurang volumenya ngurangan. Saterusna nambahan deui ngasupan soré nepi ka peuting.Bacasalengkepna
Lintas Bewara Sunda - Ramena kasus Nazaruddin jadi guyonan hiji budak anu ngaku-ngaku anak lalaki ti Nazaruddin. Manehanana make video di situs youtube, budak leutik anu make kaos biru jeung make dudukuy biru sarua jeung anu dipake ku si Nazaruddin , mengaku salah sahiji putra ti gembong korupsai anu tos jadi tersangka KPK.
Budak leutik anu ngaku ngaran Fatihruddin. Dina video youtube anu lilana 3,03 menit,Baca salengkepna


Lintas Bewara Sunda :Manfaat Ngekeupan Keur Kasehatan : Awewe teh paling resep dikeukeupan ku lalaki tapi teu resep ngeukeupan . Kadang lalaki teu ngarti kahayang awewe malah sabenerna kaum hawa resep dikeukeupan ....


5 Jenis Herbal Paling Populer Digunakan 1.    Pegagan (Centella asiatica)Pegagan atau antanan adalah tanaman liar yang banyak tumbuh di perkebunan,...


Lamun dihaja  panjang, bulu irung hidung eta bisa  ngaganggu kana panampilan makana tikitu kudu dirapikeun. Leuwih hade dipotong jeung digunting khusus, ulah...



Ngabodaskeun Kulit Sacara Alami - Ngabogaan Kulit anu bodas ngajadikeun dambaan keur saban urang indonesia, terutamana  kaum hawa. Mung teu saeutik biayana...


Khasiat Kulub Putri Malu : Obat Insomnia, Batuk Bronkitis, jeung Rematik - Hayu urang buktikeun. Jukut putri Malu Putri malu ngabogaan  bahasa...


Mangfaat Ceurik keur Kasehatan. Sok atuh ceurik memang lamun hayang ceurik . Tong mikir maneh lalaki atawa awaewe . Ceuk Beja ceurik teh nyaeta...


Teu disangka-sangka geuning waluh labu  anu biasa dijieun kolak atawa nusejena hiasan keur tradisi Halloween, nyaeta bisa digunakan keur obat diabetes...


5 Khasiat jeung Manfaat Tempe Keur Kesehatan jeung Gizi. Tos loba piasn panilitian anu ngabuktikeun   tempe nyaeta kadaharan sehat. Dibanding jeung kadaharan nu sejena anu...


Khasiat Waluh Parang. Waluh parang/wuluh/beureum memang ngeunah pisan lamun dijieun  kolek, bisa oge dijieun roti, kueh bolu, martabak, puding, pie jeung sajabana....


Khasiat jeung Manfaat Buah Tomat Keur Kasehatan - Diimah urang oge unggal poe sok aya buah tomat, salain rasana amis haseum buah tomat oge segar....
Bus Merdeka jurusan Tasikmalaya-Jakarta, Kamis, hangus terbakar di Jalan Raya Cianjur-Cipanas, Jabar, tepatnya di Kampung Cibeureum, Desa Cibeureum, Kecamatan Cugenang.

Tidak ada korban jiwa dalam peristiwa tersebut. Api diduga berasal dari percikan solar ke mesin di bagian belakang bus yang ketika itu, hanya berpenumpang lima orang.

Informasi dihimpun, menurut keterangan saksi bus yang baru beroperasi dari terminal Pasir Hayam, Cianjur, melaju dengan kecepatan sedang dengan tujuan Jakarta. Ketika memasuki Jalan Raya Cibeureum yang menanjak, Oman (52) sopir bur tersebut, berusaha memindahkan gigi.

Ketika itulah kernet bus melihat ada kepulan asap keluar dari bagian mesin di belakang bus. Selang beberapa detik, sempat terlihat api, ke luar dari bagian mesin. Mendapati hal tersebut, sopir, kernet dan penumpang berusaha ke luar, untuk memadamkan api.

"Karena sulit mendapatkan air untuk memadamkan api, dengan cepat api menyala besar hingga membakar seluruh bagian bus. Sebelumnya kami sudah uji kelayakan atas bus tersebut," kata Oman.

Dalam hitungan menit, api dengan cepat menjalar ke seluruh bagian bus. Bahkan sempat terdengar empat kali ledakan yang cukup keras, hingga akhirnya api melahap seluruh bagian bus tersebut.
Nungakibatkeun salila seuneu kahuruan sakabeh bagian bis Merdeka, arus lalulintas timimiti Cianjur nepika Cipanas, atawa sabalikna, mobil areureun total . Anu balukarna antrean panjang nepika sakilometer .

Salila sajam kahuruuan, seuneu ahirna bisa di pareuman, ngagunakeun dua unit mobil pemadam kebakaran milik Pemkab Cianjur.

Saurna, Kasat Lantas Polres Cianjur, AKP Gatot Satrio Utomo, ngajelaskeun,henteu aya  korban jiwa dina peristiwa kahuruan bis Merdeka . Tapi pihakna ngahaja mngamankeun supir jeung  kernet bis, eukeur dimenta keterangannana.

"Kami belum tahu pasti penyebab terbakarnya bus tersebut. Namun saat ini sopir dan kernetnya, masih dimintai keterangan. Sedangkan untuk mengetahui penyebabnya kami akan datangkan tim ahli," ucapnya.

Salengkepna
Lintas Bewara Sunda: Lebaran Idul Fitri 1432 H iyeu, Badan Amil Zakat (BAZ) Kabupaten Cianjur, Jawa Barat, nargetkeun panarimaan zakat sagede Rp 8 miliar, nyaeta tina zakat fitrah, zakat mal, infak, jeung sedekah.
Ketua BAZ Kabupaten Cianjur Ustad Koko Abdul Kodir Rozi, Sekretaris BAZ, jeung H Yosef Umar, Bendahara BAZ, ngajelaskeun, taun kamari target panarimaan zakat hampir sarua, anu kacapai ngan sauukur  Rp 6 miliar.Salengkepna
Tahun ini, 8 juta Pemudik Naik Sepeda Motor
Direktorat Lalu Lintas Polda Metro Jaya ngitung-ngitung jumlah pemudik anu ngagunakeun motor taun 2011 ngaronjat dibanding tahun kamari. Sahenteuna Dalapan juta leuwih  pemudik diprediksi ngagunakeun sepeda motor. "Kita memperkirakan pemudik yang menggunakan motor naik 14 persen atau sekitar 8.320.632 orang," ceuk Kabag Pembinaan jeung Operasional Direktorat Lalu Lintas Polda Metro Jaya AKBP Latif Usman ka wartawan di Mapolda Metro Jaya, Jakarta, Selasa...Salengkepna
Lintas Bewara Sunda. Sumebarna video ciuman Alyssa Subandono anu ngaramekeun ngajadikeun geger di unggal media masa. Tah iyeu adegan ciuman anu ngahaja dijieun ku Alyssa Subandono tos sumebar di  internet anu di lalakonan ku hiji lalaki  artis Desta.

Sanajan tos sumebar di forum internet, tapi walakadala kaayaan eta video ciuman Alyssa Subandono teh saleresna inti sumber ti  situs ngabagi video youtube. Video eta tos aya di youtube kawit tanggal 21 Agustus 2011 anu kalangkung.

Dina eta video anu lilana 29 detik teh, Alyssa jeung Desta katempona jiga geus biasa ngalakukeun kikituan , sapertos kabogoh anu keur kumerot atanapi sagala sono.

Ditilik ditingali tina video ciuman Alyssa Subandono jeung Desta, katempo pisan anu saleresna  video dijieun ngahaja keur dokumentasi.



Di jero Video Ciuman Alyssa Subandono jeung Desta katempo jeng kadenge tina omongannana anu ngajelaskeun , dimana anu ngahaja di jieun kumanehanana.

"Itu angel cupid, artinya heart of London. Itu ada sejarahnya, kalau diceritain panjang. Tapi intinya itu menunjukkan untuk orang yang kita sayang. Dan itu jadi saksi kita," ceuk Alisa kawas anu dikutip tina www.detikhot.

Terus si Desta ngomong ka Alisa, "Siapa yang kamu sayang?" Pertanyaan eta oge dijawab ku Alyssa ku hiji ciuman di pipi terus nepikana biwir silih ledot silih lemot saperti film 17th duaduna oge ngarasakeun nimat anu teu aya taranan katingali tina matana au peureum beunta .

Kusabab sumebarna video ciuman manehanana, Alyssa buka sungut di akun Twitternya @aichasoebandono urang ngaku eta video ciuman teh memang Alyssa,tapi eta baheula ker papacangan.

Hiji awewe anu lahir 25 Desember 1991 anu ngalakukeun ciuman silih lamot jeung Desta eta waktu bobogohan. Mung hanjakal hubungan anu sakitu intim anutos saperti salaki jeung pamajikan teh kudu pegat samemeh kawin.
"Buat yg btanya, di video yg beredar itu memang diri saya dan itu saat saya masih menjalani hubungan dgn D. Dan saya tdk hindari hal itu. (1)"

"Video itu memang diambil saat msh status pcrn. skrg saya sdh tidak sama D lg. Saya menjalani kehidupan saya sendiri begitu jg dengannya. (2)" tulisnya beberapa menit lalu, Selasa (23/8/2011).

Kaayaan video ciuman silih lamot, Video Ciuman Alyssa Subandono jeung Desta tos sumebar di   masyarakat. Mung hanjakal kalakuan artis Alyssa Subandono anu nganggap video ciuman silih lamot biwir jeung Desta nyaeta hal biasa. Alhasil ceuk sababaraha komentar di internet, manehanana  diminta ulah jadi peran di  film religi deu leuwih hade main film bokep.
"Di TV camperdok geulis make jilbab. Lamun teu sanggup  ngjaga peran di TV ulah wani-wani narima main di film religi," tulis salahsahiji anggota forum. "Jangan coba-coba main film religi lagi!! Munafik anda!!," tulis anu lain oge mere komentar.

"Sakanyaho masyarakat balarea Si Alyssa iyeu alim, camperdok,alewoh,kalem, bersahaja seperti penampilannya di TV. Jelaslah sakabeh jelema pada kaget pas nempo video iyeu," tah eta kalakuan awewe cumenos ulah di jieun conto dasar si nurus tunjung ceuk nuliana dina youtube.
Mobil kijang ngadius meulah raména kota. Di jero mobil, barudak mani teu répéh. Barungah naker tayohna téh.
"Tebih kénéh, Bu?" cék Diran, ngarérét ka Bu Éni.
"Puguh atuh. Apan ieu mah di Bandung kénéh. Tuh, kakara ngaliwat ka Kebon Binatang!"
Pa Oding calikna dina jok payun, gédéngeun supir. Ari jok tukang mah dilaaan, da ngarah lalega. Diamparan samak wéh. Babawaan dibugbrugkeun di tukang. Bu Éni calik di beulah kénca, diriung ku barudak awéwé. Pahareup-hareup jeung barudak lalaki.
"Buka kaca mobil téh, eungap!" cék Bu Éni.
Emod hideng. Tapi mani lila naker.
"Teu tiasa abdi mah, Bu!"
"Belet geuning. Kieu yeuh, ari muka kaca mobil!" cék Diran.
"Da uing mah teu boga mobil!"
"Masing teu boga ogé, kudu diajar, ngarah henteu kampungan!"
"Tong gandéng teuing barudak, bisi ditéwak pulisi!" Pa Guru nyelengkeung ti payun.
Jep barudak jempling, ari ngadéngé pulisi disebut-sebut mah. Tapi teu lila kituna téh, heuleut sababaraha menit ogé geus galécok deui.
"Naha mani ngan genepan nya, asa teu ramé!" cék Rudi.
"Hayang ramé mah di Kebon Binatang atuh!" témbal Diran.
"Arembungeun indit ka lembur mah," cék Bu Éni. "Kahayangna téh ka Taman Mini atawa ka Ancol."
"Upami murangkalih teu aya nu ngiring, Bu Éni badé angkat?"
"Arék Ibu mah, kajeun duaan jeung Pa Oding!"
Barudak silih-rérét.
"Ibu mah aya kaperluan séjén. Ibu téh keur neruskeun sakola, ayeuna kudu nyieun skripsi!"
"Naon skripsi téh, Bu?" cék Emod.
"Naon, nya. Karangan wé atuh. Tah, anu kudu dikarangna téh, lembur Haur Geulis téa!"
"Badé saha nu boga lalakonna, Bu? Diran wé atuh, sina jadi jagoan sapertos Héri Puter!"
"Sok maca buku Héri Puter kitu?"
"Muhun, pamasihan ti pun Bapa. Saé cék pun bapa téh. Diran ogé resep!"
"Héri Puter téh kapal udara téa?" cék Emod.
"Enya, nu sok muih kolécérna!" Rina nyikikik. Nu séjénna patingcakakak.
"Jempé, aya pulisi!" Pa Oding nyelengkeung deui.
"Héri Puter téh, tokoh dina éta buku, Mod. Nu boga lalakonna!" cék Diran.
"Da uing mah tara maca atuh. Balik sakola kudu mantuan dagang di pasar. Buritna ngeusian bak mandi. Peutingna saré!"
"Buku naon baé nu dibaca ku Diran téh?" cék Bu Éni.
"Seueur, Bu. Pun bapa anu sok miwarang maca téh. Saurna, ti batan nongton télévisi mah, mending kénéh maca."
"Buku basa Sunda sok maca?"
"Kantenan. Ngan seueur nu teu ngartos. Sok ditaroskeun wé ka Mamih, da kaleresan urang Cianjur, pinter basa Sunda. Ari Papih mah urang Jakarta, teu tiasaeun basa Sunda!"
"Uing nginjeum atuh, Dir!" cék Emod.
"Ulah, ah. Bongan tara mulangkeun. Tuh, pulpén ogé can dipulangkeun, nya. Ka dieukeun!"
"Tong dipénta di dieu atuh, da teu dibawa!"
"Ari Emod resep maca mah, di imah Ibu seueur buku!"
"Tiasa ditambut?"
"Puguh atuh."
"Kumaha perkawis karangan Ibu téh, saha nu boga lalakonna? Upami tos janten buku, tiasa ditambut!" cék Diran.
"Da béda karangan Ibu mah. Henteu kawas Héri Puter!"
Jep sakeudeung. Kawas keur naréangan piomongeun. Rina muka bebekelanana, murak coklat jeung kuéh. Diturutan ku nu séjénna.
"Manéh mekel naon, Mod?" cék Diran bari ngagayem kuéh.
"Uing mah mekel cau, sésa dagangan. Euleuh, mani pejét kieu geuning, katindihan ku kantong manéh, Rin!"
"Naha da kantong Rina mah di dieu. Kantong Si Diran sugan!"
"Teu umum atuda mekel cau mah, mun piknik ka Kebon Binatang mah, bisa dibikeun ka monyét!"
"Da uing mah teu boga nanaon deui. Ieu ogé apan kuduna mah dijual!"
"Sok atuh dibeuli ku Ibu?" cék Bu Éni, bangun karunyaeun.
"Ah, teu kedah. Mangga baé badé ngaraosan mah!"
"Sok dagang kitu Emod téh?"
"Leres. Da pun biang répoteun, upami teu dibantuan mah!"
"Ari bapa Emod ka mana kitu, tara dagang?"
"Pun bapa mah muka tambal ban di sisi jalan, dina trotoar!"
"Muhun, Bu, basa ban mobil Rina kempés ogé, ku bapa Emod ditambalna téh!" cék Rina.
"Ari Emod boga lanceuk?"
"Gaduh hiji. Sakolana mung dugi ka SMP. Teras baé mantuan pun bapa!"
"Naha teu diteruskeun sakolana?"
"Teu gaduheun artos!"
"Atuh Emod ogé moal diteruskeun meureun?"
"Duka, tah. Tos kaluar SD mah, badé teras baé ka SMP. Ngan cék pun bapa, asal Emod keyeng, bakal tiasa sakola luhur. Leres kitu, Bu?"
"Enya. Asal Emodna wé ulah ngedul!"
Jep jempling deui sakeudeung.
"Tong gancang teuing ngalumpatkeun mobil téh, Mir. Sok gegebegan Bapa mah!" cék Pa Oding.
"Henteu, Pa. Apan sakieu nuju macétna. Tuh, nu sanés ogé ngeyented!"
"Aéh, heueuh, nya!"
Key téh barudak sareuri. Da puguh ti tatadi ogé, mobil mah teu kaur maju. Randeg deui, randeg deui.
"Nyeungseurikeun saha éta téh?" Pa Oding ngalieuk ka tukang. Mani kawas gaang katincak atuh, barudak ngadadak jempé. Bu Éni nutupan bahamna, mengkek piseurieun. Diran ngusek bari nyuksruk kana taktak Emod. Ari Rina mani tipepereket ngégél biwir.
"Cicing atuh, Dir, uing géték!" cék Emod.
"Urang nyanyi ah, tamba tiiseun teuing!" cék Rudi, anu ti tatadi teu kecét-kecét.
"Alah, kawas boga sora alus baé!" cék Rina.
"Jeung nyanyi mah mending ngadongéng!"
"Enya, ngadongéng, lah. Tapi dongéng naon, nya. Dongéng Putri mah geus bosen. Tah, enya, Emod wéh sina ngadongéng!"
"Uing kudu ngadongéng?" Emod kerung. "Teu bisa ah, ari lain dongéng Si Kabayan Ngala Tutut mah!"
"Dongéng lembur wé atuh!" cék Diran. "Cénah Emod mah kungsi cicing di lembur. Kumaha tah, nu disebut lembur téh?"
"Naon anu kudu didongéngkeunana?"
"Kieu wé atuh," cék Rina. "Rina rék nanya, engké ku Emod jawab!"
"Kawas keur ulangan baé!"
Bu Guru mésem. Anjeunna mah terus muka buku, duka maca naon.
"Sok atuh, rék nanya naon?"
"Kieu. Apan urang rék ka Haur Geulis. Tah, ari nu disebut haur téh nu kumaha. Ari nu geulis mah apal, nu siga Rina sugan!"
"Huuuuh!"
"Kumaha ieu téh, ti tatadi garandéng baé. Ituh aya pulisi!" cék Pa Oding. Tapi tayohna téh euweuh nu ngadéngéeun. Da barudak angger galécok.
"Kumaha?" cék Emod.
"Haur. Nu kumaha haur téh?"
"Di lembur uing mah haur téh sarua jeung awi. Nyaho meureun awi mah?"
"Wah, awi mah awi wé atuh, teu kudu disebut haur!" cék Diran.
"Hih, da awi ogé rupa-rupa. Aya awi tali, awi gombong, awi surat!"
"Geuning manéh nyaho kana silsilah awi?"
"Puguh nyaho mah, da Aki tukang nyieun bilik!"
"Bilik? Nu kumaha bilik téh?" cék Rina.
"Bilik téh awi nu dianyamkeun. Paranti nyieun imah!"
"Lain nyieun imah mah sok ku bata?"
"Teuing ah, hésé nerangkeunana ogé. Apan ieu mah keur ngadongéng haur, lin, lain ngadongéng imah."
"Leres, Bu, ari bilik sok dipaké ngadamel bumi?" Rina ngarérét ka Bu Éni.
"Taroskeun geura ka Pa Guru."
"Pa, dupi bilik téh nu kumaha?" Rina nyelengkeung.
"Sigana mah jauh kénéh. Kakara ogé nepi ka Cibiru atuh!"
Barudak kerung.
"Teu nyambung, Pa!" cék Bu Éni bari gumujeng.
"Puguh atuh. Apan engké téh bakal nyambung ka kota Sumedang. Urang sakalian baé meuli tahu bungkéng!"
Barudak silih rérét deui.
"Paingan, da geuning nuju nundutan!" cék Bu Éni. Barudak mengkek piseurieun.
"Teruskeun dongéng téh, Mod!" cék Anis.
"Ménta coklat atuh!"
"Kudu disuguh baé ieu mah tukang dongéng téh. Tah!" Rina ngalungkeun coklat sapotong.
"Apan Rina mah ti leuleutik cicing di kota, jadi moal nyaho. Di lembur uing mah, haur téh ngarungkunuk, aya dapuranana. Kumaha baé awi biasa, ngan haur mah leuwih leutik. Daunna ogé laleutik. Cék Ema mah, dina dapuran haur téh sok aya jurig!"
"Jurig? Jurig téh hantu téa?"
"Enya. Ku urang lembur, dapuran haur téh sok disuguh unggal malem Jumaah Kaliwon. Aki ogé sok nyuguh!"
"Atuh Haur Geulis ogé aya jurigan meureun. Sieun Imas mah!" "Teuing atuh. Tanyakeun baé ka urang ditu. Ngan biasana kitu. Dapuran haur mah sok aya karamatna. Sing bener suku téh, Rudi. Ulah disampaykeun kana tuur uing!"
"Enya, Rudi, apan Emod téh keur ngadongéng!" Rina muncereng.
"Cangkeul atuda. Naon ah, dongéngna ogé teu ramé. Rék gogoléran uing mah!"
"Naha bet disebut Haur Geulis, maké kabaya kitu?" cék Anis.
"Ulah nanyakeun ka uing nu kitu mah. Teu nyaho, taroskeun geura ka Bu Éni!"
"Teu nyaho Ibu ogé. Pa Oding nu apaleun mah, da geus sababaraha kali nganjang ka ditu."
"Moal tiasa ditaros Bu, apan nuju kulem!"
"Engké baé atuh ari geus nepi!"
"Ayeuna ngadongéng sawah, Mod!" cék Rina.
"Ménta deui kuéh atuh!"
"Yeuh!"
"Tah, ari sawah mah, kieu dongéngna téh. Ké heula nya, uing hayang ngagolér, cangkeul!"
"Hih, teu puguh pisan. Hanas geus dibéré kuéh!"
"Tong saré atuh, Mod. Keun antep Diran jeung Rudi mah, da tukang héés!" cék Anis.
"Euleuh, geuning geus nepi ka Jatinangor!" Imas ngoréjat bari luak-lieuk. "Baréto Imas kungsi ka dieu, basa lanceuk diwisuda!"
"Rina ogé, mun geus gedé, hayang kuliah di dieu!"
"Lila kénéh atuh, apan kakara ogé kelas genep SD!"
"Uing ogé rék kuli, ah!" Emod nyéréngéh. Sirahna nyarandé kana kaca mobil. Geus mimiti lelenggutan.
Barudak awéwé ogé siga kabawakeun. Terus baé patinglalenggut. Guher wéh saré. Tinggal Bu Éni jeung supir anu masih kénéh nyaring téh.
Mobil nyemprung ka wétankeun. Panonpoé geus rada luhur. Cahyana nyebrot kana kaca mobil, sakapeung matak sérab. Geus liwat Jatinangor mah, henteu macét teuing. Mobil beuki ngadius. Tanjungsari geus kaliwat. Léok méngkol ka kénca, ka jalan Rancakalong. Belesat deui wéh, siga rék ngudag panonpoé.
Beuki jauh, jalan téh beuki rarinjul. Mobil ogé henteu bisa gancang. Eukeur mah nanjak-mudun, katurug-turug jalanna henteu diaspal, ukur diamparan batu.
Henteu loba tutumpakan lebah dinya mah. Nu katénjo téh, ukur rajegna tangkal kai. Kebon awi patingrunggunuk di jauhna. Pasawahan héjo ngémploh, ngampar lir permadani. [ ]***(Hanca)
"GEUS jam sabaraha, Mod?"
"Kakara ogé satengah tujuh,"
"Mani lila nya mobil téh?"
"Sigana mah di jalan kénéh. Uing gé hayang buru-buru indit ieu téh. Hayang nénjo sawah!"
"Bakal aya sawah kitu?"
"Puguh atuh, di lembur mah biasana ogé sok aya sawah. Aya walungan deuih!"
"Iraha kitu manéh ka lembur?"
"Da uing mah urang lembur. Pindah ka Bandung sotéh nuturkeun Bapa!"
"Euh, kutan. Tuh geuning, Si Rina ogé karék ngurunyung. Angger Si Éta mah sok elat baé ari rék indit-inditan téh.
Emod jeung Diran nyampeurkeun ka nu anyar datang. Rina turun tina mobil. Indung-bapana ogé milu turun.
"Tos badé angkat?" cék bapana Rina.
"Teu acan, Pa. Ngantosan heula Pa Guru!" Emod nu ngajawab téh.
"Dianteur ku saha, Mod?"
"Sorangan abdi mah, da pun biang henteu tiasa jajap, nuju ka pasar.
"Ari Diran?"
"Dianteur ku Mamih. Tuh geuning, nuju ngariung dina korsi!"
Kolot Rina terus nyampeurkeun ka nu ngariung. Ari barudak mah kalah ka ngagimbung lebah tangkal jambu. Euweuh nu répéh, pada galécok sagala dicaritakeun. Pangpangna mah, nyipta-nyipta tempat anu rék dianjangan.
"Sabaraha urang nu bakal milu téh?" cék Diran, ngarérét ka Rina.
"Cék Bu Guru mah genepan. Asalna sapuluh urang, ngan loba nu dicarék ku kolotna!"
"Rina ogé dicarék?"
"Henteu. Éh, dicarék kétang. Ngan Rina maksa. Ari cék Papih mah, bisi kasarung magar téh. Mangkaning Rina mah awéwé!"
"Uing mah tara dicarék rék ka mamana ogé!"
"Sarua jeung uing!" cék Diran.
"Geuning manéh mah dianteur ku kolot?"
"Da dianteur mah lain dicarék. Nyaaheun wé Mamih mah ka uing!"
"Da Ema uing ogé nyaaheun. Henteu nganteur sotéh, apan euweuh nu nungguan dagangan. Cing sebutan Rin, saha baé nu rék milu téh?"
"Euh, ké nya, urang inget-inget heula. Rina, Imas, Anis, Rudi, jeung manéh, Mod!"
"Naha uing teu disebut, teu dianggap jelema?" Diran nyereng.
"Aéh, enya. Ditambah wéh ku Pa Oding jeung Bu Éni. Supir wéh saurang!"
"Jadi kabéhna téh dualas urang meureun, nya?"
"Belet. Nya salapan atuh, genep ditambah tilu mah. Ari nu séjénna di mana, Mod?"
"Itu, jeung kolotna. Hayu atuh urang sampeurkeun!"
Teu kungsi lila, Pa Oding sumping kana mobil kijang. Bu Éni ogé geus tatan-tatan. Méméh indit, ngariung heula di tepas imah Bu Éni.
"Nitip pun anak, Pa Guru. Mangkaning Si Diran mah bangor pisan!" cék indungna Diran.
"Bageur ah!" Diran nyelengkeung.
"Mangga," cék Pa Oding. "Sing percanten wé."
"Badé ka mana piknik téh?" cék bapa Rina.
"Har, teu acan uninga kitu?"
"Teu puguh nguping ti budak mah. Haur Geulis, cénah. Duka tah, simkuring mah nembé nguping,"
"Leres, anu badé dijugjug téh Haur Geulis. Cék murangkalih, tos bosen cénah ari piknik ka Pangandaran atanapi Tangkuban Parahu mah. Kaleresan di wewengkon Sumedang aya hiji lembur anu disebut Haur Geulis!"
"Jadi rék ngapruk ka lembur? Kalotor atuh. Mangkaning Rina mah jariripen pisan," bapa Rina kerung.
"Enya, Rin, tong cios nya, ari badé ka lembur mah. Mending kénéh ka Taman Mini, sakantenan urang nganjang ka aki!" cék indung Rina.
"Da hoyong ngiring!" Rina ngajanggilek.
"Teu langkung éta mah. Badé ngiring mangga, moal ogé wios!" "Aya naon kitu di Haur Geulis téh, apan lembur mah seueur, henteu kudu jigjig ka Sumedang!" cék bapa Rina.
"Kaleresan Haur Geulis téh lembur budaya. Teu acan kasaba ku pangaruh ti kota. Ku emutan, barudak peryogi diwanohkeun kana suasana anu bénten sareng di kota,"
"Naon mangpaatna, asa teu kahartos!"
"Sajabi ti kanggo kapentingan pangajaran di sakola, barudak ogé tiasa wanoh kana kahirupan urang lembur. Kana adat kabiasaanana, kana padamelanana!"
"Tong cios nya, Rin?"
"Hoyong ngiring. Upami teu diwidian, Rina rék kabur!" cék Rina.
"Hih, naha budak téh, mani teu beunang dicarék. Candak atuh hénpun, ngarah Bapa gampil nelepon!"
"Punten baé, Pa. Ti batan janten émutan mah, mending ulah sina ngiring. Komo deui bari nyanyandak hénpun, kumaha upami ical?" cék Pa Oding.
"Heug atuh. Nitip wé, Pa Guru, masing tiasa nalingakeunana!"
"Insya Alloh."
"Mamih mah moal nyarék," cék indung Diran. "Ngan kahadé teu meunang bangor. Aya béjana di sakola ogé, manéh mah teu nurut ka guru!"
"Moal atuh, Mih!" cék Diran.
Nu séjénna ogé peupeujeuh ka anakna. Indung Imas mah nepi ka reumbay cipanon. Barudak awéwé loba nu ngahinghing, bari paungku-ungku jeung indungna. Pa Guru tibang mésem.
"Dasar piindung!" cék Emod, gegerendengan sorangan.
"Hayu atuh, ari tos siap mah!"
"Ké heula Pa Guru, badé sabaraha dinten di ditu téh?" cék bapa Rina.
"Kirang-langkung tilu dinten."
"Ayeuna téh dinten Kemis. Saptu ogé tos aya di Bandung panginten?"
"Insya Alloh upami teu aya wagelan mah!"
Barudak terus arasup kana mobil.
"Euweuh nu tinggaleun?" cék Bu Éni.
"Teu aya!"
"Kantong geus diasupkeun kana mobil?"
"Parantos!"
"Nam atuh!"
Gerung, mobil dihirupan. Geleser, maju lalaunan. Indung Rina gugupay, kitu deui nu séjénna. [] (Hanca)
Lintas Bewara Sunda: Duta Besar Indonesia anu aya di Kolombia Michael Menufandu ,si meong congkok alias Muhammad Nazaruddin tos ditewak di Cartagena, Kolumbia. Numutkeun omonganana jeung  SCTV, Selasa (9/8), Micahel yakin sayakin yakina jelema anu di tewak ku kapolisian satempat nyaeta urut atanapi patilasan bendahara umum Partai Demokrat... Baca Salengkepna
Odoy : "Geuning mahal mahal teuing harga lauk teh."
Tukang lauk : "Pan lain sambarangan lauk, ieu lauk laohan anu awakna aya aksaraan, hurup hiragana lamun dihijikeun jeung lauk jalu sok dibeberik.
Odoy : Ya naon aksarana da uing mah teu ngarti ?"
Tukang lauk : "Wo Ai Ni"
Odoy : "Ari nu ieu mahal oge ?"
Tukang lauk : "Komo eta mah geus aya bandrolan dina awakna USD.1000,-"
Waktu asup ka kamar mandi anu ngahiji jeung sumur, siaki walahwah weuleuhweuh ngageroan sinin.

"Niniiiiiiiiii... tingali geura geuning biwir sumur ngegel timbaan !" ceuk siaki reuwas.

"Tong gujrud aki....puguh tadi teh jamu sari rapet nini tikecemplung kasumur!" jawab sinini bari keom.
Tukang jeruk : "Jeruk jareruk..jareruuuuuk, mangga nu bade.... jeruk Garut asli asak tina tangkalna sanes asak karbitan, dijamin keueut!"
Tukang Tahu : "Tahu..tarahu..tarahuuuuuuu, mangga nu bade...tahu Sumedang asli, curintik,karek nyat..dijamin pelem!"

Odoy : (bari culang cileng ) "Jeruk kabita hayang ngasaan, ningali tahu komo kumerot, ngan edas mun meuli dua dua teu boga jeung ongkos balik, ke.. ke...ari ieu tukang naon titatadi teu nawar nawarkeun, mang ieu icalan naon?"

Siamang : "Tahu rasa jeruk jang!"
Odoy : "Oh kaleresan atuh abdi meser sabongsang"
Pa, Wahyu ngaguruan di salahsahiji sakola anu kawilang elite, murid muridna ampir kabeh ka sakolana marawa hp, atuh puguh we samemeh diajar sora hape meni recet disarada. Jam pelajaran kahiji, pa' Wahyu kabagean ngajar dikelas anu murid muridna rada barengal, ti rohangan guru gandeang pa' Wahyu nuju karohangan kelas,ningali ringkang ringkang guru datang, murid murid dijero kelas ngadadak jempe kawas gaang katincak.

" Selamat pagi anak anak !" ceuk pa' Wahyu basa lol ti lawang panto.
" Pagiiiiii....paaaaaak !" jawab murid meni reang.
" Samemeh neruskeun palajaran bapa nek mere wejangan heula ka haridep, sakumaha anu geus kauninga sakumna umat Islam ayeuna keur ngajalankeun ibadah puasa, puasa teh salahsahijina ngalatih kadisiplinan, jadi timimiti poe ieu masalah kadisiplinan kudu ditingkatkeun, utamana lamun keur dijero kelas,ulah ngobrol lamun bapa keur nerangkeun kitu deui anu marawa hape kudu di-off-keun heula, sabab bisa ngaganggu katenangan diajar, saha wae anu ngalanggar paraturan ieu bakal dibere sangsi, ngartoooss ?!" ceuk pa' Wahyu bari nyiapkeun bahan palajaran

"Sangsina naon pa ?" tanya Oneng sorana halimpu, ma'lum bentangna kelas eta.

"Lamun kanyahoan ngobrol waktuna diajar atawa kadenge aya sora hape, wayahna kudu kaluar tikelas, tah paraturan ieu berlaku jang saha wae, teu pilih kasih !" tembal pa' Wahyu Can acan garing biwir pa' Wahyu ngomong kitu, di bangku tukang aya hape ngirining, kabeh marelong ka Usep, sabab sidik pisan sora teh datangna timanehna.

"Punten pa....ieu aya sms ti pun biang, naroskeun, saurna kanggo buka engke hoyong sareng kolek naon !" Usep sasadu.

"Alesan wae...kaluar maneh Usep !" ceuk pa' Wahyu curukna bentik nunjuk kaluar.

"Tah...tah...hape saha deui nu disada ?" pa' Wahyu curinghak
"Nu abdi pa...ieu rerencangan ngajak buka bersama !" Oded buru buru ngaku
"Oded...tuturkeun tuh si Usep !" kiyingking si Oded kaluar Ningali geus dua urang nu keuna sangsi,murid sejenna anu bogaeun hape buru buru nga-off-keun hapena, tapi teu kungsi lila pa' Wahyu curinghak deui lantaran kadenge deui aya nu disada.

"Aduuunnnn....kaluar !" ceuk pa' Wahyu bari nunjuk ka si Adun

"Punten pa...abdi mah teu gaduh hape...upami teu percanten mangga we parios !" beungeut si Adun ngadadak beureum.

"Nya naon atuh anu tadi disada ?" tanya pa' Wahyu semu heran

"Eu..anu pa..kamari teh waktos buka puasa nuang kolek hui cilembu seueur teuing,janten dugi kaayeuna ngulibek wae !" tembal si Adun bari nepakan beuteungna.

"Aneh...maenya sora hitut kawas ringtone lagu "asereje" aneh !" pa' Wahyu ngan ukur bisa gogodeg.

"Huuuuuuhhhhh!" kaayaan kelas ribut deui
"Geus..geus...jempeeee !" ceuk pa' Wahyu bari ngagedor meja, jep kaayaan dikelas simpe, tapi teu kungsi lila geus der deui kadenge aya hape nu disada.

Kabeh murid culang cileung, terus silih pelong jeung pada baturna,panon pa' Wahyu mureleng,sirahna dengdek ngadedengekeun sora hape timana jebulna, tapi lila lila paroman pa' Wahyu robah bari pok ngomong ka murid muridna kawas nu era.

"Hehehe...geuning nu disada teh hape bapa, mun kitu mah...anak anak belajar sendiri yah !" bari kulumas kelemes, leos kaluar.
"Horrrseeeeehhh!....asik euy !" kelas ricuh, sora hape patembalan deui.

Lintas Bewara Sunda

Tante Genjréng dikomplekna katelah ratu gosip, unggal poe teu eureun ngomongkeun batur, tapi saprak bulan puasa kabiasaan eta mimiti ngurangan, lantaran lamun nek ngagosip cenah sok inget kapiwurukna ustad Jali, ulah sok ngomongkeun batur, pamali cenah jeung deui bakal ruksak pahala puasana.

Enya we, basa aya acara arisan diimahna ibu Edoh, manehna teu ngomongkeun batur, tapi kalahka ngomong kieu.

"Eh... ibu ibu... tos tarerang teu... bejana genderewo kaperegok bobogohan jeung kuntilanak nepi kasubuh, malahan cenah ayeuna kuntilanak teh geus ngandeg tilu bulan, padahal genderewo teh kanyahoan geus buntutan, karunya nya kuntilanak diculeoskeun!"
"Lamun seug bobogohan kawas keur bulan puasa, meureun moal olok lipen stip !" ceuk Oneng ngagereneng ka Onih basa balik tarawehan.

"Naha kitu ?" tanya Onih semu nu heran

"Sasarina mah samemeh bulan puasa, karek saminggu ge geus beak salosina,tapi ayeuna hiji ge aya keneh sapotong deui, da eta kang Odoy
Surodoy mah meni euweuh kabosen ngapelan teh meni unggal poe, bakating ku cinta meureun ka uing!"

"Naon hubungan apel jeung lipen stip ?" tanya Onih bari kerung
"Hih..ari maneh kawas teu karasa wae, teuing atuh da kang Odoy mah teu kaop ningali biwir urahak sok langsung we nyosor !"

"Tomi ngak gituh !" Onih nimpalan nurutan iklan, da kaparengan deuih kabogohna ge ngarana Tomi.

"Nya meureun kabogoh maneh mah kurang romantis !"
"Ceuk saha euy...puguh pang romantisna sadunya..tuh tingali diburuan imah uing kembang ngabugbrug, eta teh kiriman kang Tomi bisi teu nyaho mah !" Onih ngadadak kuraeud baeud

"Ari ayeuna keur bulan puasa masih keneh sok susar sosor kitu ?" sambungna deui

"Ih..puguh geus dibejakeun, ari bulan puasa mah teu pati teuing, jadi lipen stipna oge awet !"
"Ari eta geuning make meuli dua losin sagala, jeung saha ?"
"Puguh sasayagian jang engke tas lebaran !" (LBS)
 Suku Sunda adalah kelompok etnis yang berasal dari bagian barat pulau Jawa, Indonesia, yang mencakup wilayah administrasi provinsi Jawa Barat. ...Baca Salengkepna
Prabu  Siliwangi pok nyarita kasakabeh balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”

Prabu Siliwangi berpesan pada warga Pajajaran yang ikut mundur pada waktu beliau sebelum menghilang :
“Perjalanan kita hanya sampai disini hari ini, walaupun kalian semua setia padaku! Tapi aku tidak boleh membawa kalian dalam masalah ini, membuat kalian susah, ikut merasakan miskin dan lapar. Kalian boleh memilih untuk hidup kedepan nanti, agar besok lusa, kalian hidup senang kaya raya dan bisa mendirikan lagi Pajajaran! Bukan Pajajaran saat ini tapi Pajajaran yang baru yang berdiri oleh perjalanan waktu! Pilih! aku tidak akan melarang, sebab untukku, tidak pantas jadi raja yang rakyatnya lapar dan miskin.”

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!

Dengarkan! Yang ingin tetap ikut denganku, cepat memisahkan diri ke selatan! Yang ingin kembali lagi ke kota yang ditinggalkan, cepat memisahkan diri ke utara! Yang ingin berbakti kepada raja yang sedang berkuasa, cepat memisahkan diri ke timur! Yang tidak ingin ikut siapa-siapa, cepat memisahkan diri ke barat!

Dengarkan! Kalian yang di timur harus tahu: Kekuasaan akan turut dengan kalian! dan keturunan kalian nanti yang akan memerintah saudara kalian dan orang lain. Tapi kalian harus ingat, nanti mereka akan memerintah dengan semena-mena. Akan ada pembalasan untuk semua itu. Silahkan pergi!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Kalian yang di sebelah barat! Carilah oleh kalian Ki Santang! Sebab nanti, keturunan kalian yang akan mengingatkan saudara kalian dan orang lain. Ke saudara sedaerah, ke saudara yang datang sependirian dan semua yang baik hatinya. Suatu saat nanti, apabila tengah malam, dari gunung Halimun terdengar suara minta tolong, nah itu adalah tandanya. Semua keturunan kalian dipanggil oleh yang mau menikah di Lebak Cawéné. Jangan sampai berlebihan, sebab nanti telaga akan banjir! Silahkan pergi! Ingat! Jangan menoleh kebelakang!

Kalian yang di sebelah utara! Dengarkan! Kota takkan pernah kalian datangi, yang kalian temui hanya padang yang perlu diolah. Keturunan kalian, kebanyakan akan menjadi rakyat biasa. Adapun yang menjadi penguasa tetap tidak mempunyai kekuasaan. Suatu hari nanti akan kedatangan tamu, banyak tamu dari jauh, tapi tamu yang menyusahkan. Waspadalah!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Semua keturunan kalian akan aku kunjungi, tapi hanya pada waktu tertentu dan saat diperlukan. Aku akan datang lagi, menolong yang perlu, membantu yang susah, tapi hanya mereka yang bagus perangainya. Apabila aku datang takkan terlihat; apabila aku berbicara takkan terdengar. Memang aku akan datang tapi hanya untuk mereka yang baik hatinya, mereka yang mengerti dan satu tujuan, yang mengerti tentang harum sejati juga mempunyai jalan pikiran yang lurus dan bagus tingkah lakunya. Ketika aku datang, tidak berupa dan bersuara tapi memberi ciri dengan wewangian. Semenjak hari ini, Pajajaran hilang dari alam nyata. Hilang kotanya, hilang negaranya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak, selain nama untuk mereka yang berusaha menelusuri. Sebab bukti yang ada akan banyak yang menolak! Tapi suatu saat akan ada yang mencoba, supaya yang hilang bisa diteemukan kembali. Bisa saja, hanya menelusurinya harus memakai dasar. Tapi yang menelusurinya banyak yang sok pintar dan sombong. dan bahkan berlebihan kalau bicara.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Suatu saat nanti akan banyak hal yang ditemui, sebagian-sebagian. Sebab terlanjur dilarang oleh Pemimpin Pengganti! Ada yang berani menelusuri terus menerus, tidak mengindahkan larangan, mencari sambil melawan, melawan sambil tertawa. Dialah Anak Gembala. Rumahnya di belakang sungai, pintunya setinggi batu, tertutupi pohon handeuleum dan hanjuang. Apa yang dia gembalakan? Bukan kerbau bukan domba, bukan pula harimau ataupun banteng. Tetapi ranting daun kering dan sisa potongan pohon. Dia terus mencari, mengumpulkan semua yang dia temui. Tapi akan menemui banyak sejarah/kejadian, selesai jaman yang satu datang lagi satu jaman yang jadi sejarah/kejadian baru, setiap jaman membuat sejarah. setiap waktu akan berulang itu dan itu lagi.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Dengarkan! yang saat ini memusuhi kita, akan berkuasa hanya untuk sementara waktu. Tanahnya kering padahal di pinggir sungai Cibantaeun dijadikan kandang kerbau kosong. Nah di situlah, sebuah nagara akan pecah, pecah oleh kerbau bule, yang digembalakan oleh orang yang tinggi dan memerintah di pusat kota. semenjak itu, raja-raja dibelenggu. Kerbau bule memegang kendali, dan keturunan kita hanya jadi orang suruhan. Tapi kendali itu tak terasa sebab semuanya serba dipenuhi dan murah serta banyak pilihan.

Semenjak itu, pekerjaan dikuasai monyet. Suatu saat nanti keturunan kita akan ada yang sadar, tapi sadar seperti terbangun dari mimpi. Dari yang hilang dulu semakin banyak yang terbongkar. Tapi banyak yang tertukar sejarahnya, banyak yang dicuri bahkan dijual! Keturunan kita banyak yang tidak tahu, bahwa jaman sudah berganti! Pada saat itu geger di seluruh negara. Pintu dihancurkan oleh mereka para pemimpin, tapi pemimpin yang salah arah!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Yang memerintah bersembunyi, pusat kota kosong, kerbau bule kabur. Negara pecahan diserbu monyet! Keturunan kita enak tertawa, tapi tertawa yang terpotong, sebab ternyata, pasar habis oleh penyakit, sawah habis oleh penyakit, tempat padi habis oleh penyakit, kebun habis oleh penyakit, perempuan hamil oleh penyakit. Semuanya diserbu oleh penyakit. Keturunan kita takut oleh segala yang berbau penyakit. Semua alat digunakan untuk menyembuhkan penyakit sebab sudah semakin parah. Yang mengerjakannya masih bangsa sendiri. Banyak yang mati kelaparan. Semenjak itu keturunan kita banyak yang berharap bisa bercocok tanam sambil sok tahu membuka lahan. mereka tidak sadar bahwa jaman sudah berganti cerita lagi.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Lalu sayup-sayup dari ujung laut utara terdengar gemuruh, burung menetaskan telur. Riuh seluruh bumi! Sementara di sini? Ramai oleh perang, saling menindas antar sesama. Penyakit bermunculan di sana-sini. Lalu keturunan kita mengamuk. Mengamuk tanpa aturan. Banyak yang mati tanpa dosa, jelas-jelas musuh dijadikan teman, yang jelas-jelas teman dijadikan musuh. Mendadak banyak pemimpin dengan caranya sendiri. Yang bingung semakin bingung. Banyak anak kecil sudah menjadi bapa. Yang mengamuk tambah berkuasa, mengamuk tanpa pandang bulu. Yang Putih dihancurkan, yang Hitam diusir. Kepulauan ini semakin kacau, sebab banyak yang mengamuk, tidak beda dengan tawon, hanya karena dirusak sarangnya. seluruh nusa dihancurkan dan dikejar. Tetapi…ada yang menghentikan, yang menghentikan adalah orang sebrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Lalu berdiri lagi penguasa yang berasal dari orang biasa. Tapi memang keturunan penguasa dahulu kala dan ibunya adalah seorang putri Pulau Dewata. Karena jelas keturunan penguasa, penguasa baru susah dianiaya! Semenjak itu berganti lagi jaman. Ganti jaman ganti cerita! Kapan? Tidak lama, setelah bulan muncul di siang hari, disusul oleh lewatnya komet yang terang benderang. Di bekas negara kita, berdiri lagi sebuah negara. Negara di dalam negara dan pemimpinnya bukan keturunan Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Lalu akan ada penguasa, tapi penguasa yang mendirikan benteng yang tidak boleh dibuka, yang mendirikan pintu yang tidak boleh ditutup, membuat pancuran ditengah jalan, memelihara elang dipohon beringin. Memang penguasa buta! Bukan buta pemaksa, tetapi buta tidak melihat, segala penyakit dan penderitaan, penjahat juga pencuri menggerogoti rakyat yang sudah susah. Sekalinya ada yang berani mengingatkan, yang diburu bukanlah penderitaan itu semua tetapi orang yang mengingatkannya. Semakin maju semakin banyak penguasa yang buta tuli. memerintah sambil menyembah berhala. Lalu anak-anak muda salah pergaulan, aturan hanya menjadi bahan omongan, karena yang membuatnya bukan orang yang mengerti aturan itu sendiri. Wajar saja bila kolam semuanya mengering, pertanian semuanya puso, bulir padi banyak yang diselewengkan, sebab yang berjanjinya banyak tukang bohong, semua diberangus janji-janji belaka, terlalu banyak orang pintar, tapi pintar kebelinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Pada saat itu datang pemuda berjanggut, datangnya memakai baju serba hitam sambil menyanding sarung tua. Membangunkan semua yang salah arah, mengingatkan pada yang lupa, tapi tidak dianggap. Karena pintar kebelinger, maunya menang sendiri. Mereka tidak sadar, langit sudah memerah, asap mengepul dari perapian. Alih-alih dianggap, pemuda berjanggut ditangkap dimasukan kepenjara. Lalu mereka mengacak-ngacak tanah orang lain, beralasan mencari musuh tapi sebenarnya mereka sengaja membuat permusuhan.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Waspadalah! sebab mereka nanti akan melarang untuk menceritakan Pajajaran. Sebab takut ketahuan, bahwa mereka yang jadi gara-gara selama ini. Penguasa yang buta, semakin hari semakin berkuasa melebihi kerbau bule, mereka tidak sadar jaman manusia sudah dikuasai oleh kelakuan hewan.

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Kekuasaan penguasa buta tidak berlangsung lama, tapi karena sudah kelewatan menyengsarakan rakyat yang sudah berharap agar ada mukjizat datang untuk mereka. Penguasa itu akan menjadi tumbal, tumbal untuk perbuatannya sendiri, kapan waktunya? Nanti, saat munculnya anak gembala! di situ akan banyak huru-hara, yang bermula di satu daerah semakin lama semakin besar meluas di seluruh negara. yang tidak tahu menjadi gila dan ikut-ikutan menyerobot dan bertengkar. Dipimpin oleh pemuda gendut! Sebabnya bertengkar? Memperebutkan tanah. Yang sudah punya ingin lebih, yang berhak meminta bagiannya. Hanya yang sadar pada diam, mereka hanya menonton tapi tetap terbawa-bawa.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Yang bertengkar lalu terdiam dan sadar ternyata mereka memperebutkan pepesan kosong, sebab tanah sudah habis oleh mereka yang punya uang. Para penguasa lalu menyusup, yang bertengkar ketakutan, ketakutan kehilangan negara, lalu mereka mencari anak gembala, yang rumahnya di ujung sungai yang pintunya setinggi batu, yang rimbun oleh pohon handeuleum dan hanjuang. Semua mencari tumbal, tapi pemuda gembala sudah tidak ada, sudah pergi bersama pemuda berjanggut, pergi membuka lahan baru di Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Yang ditemui hanya gagak yang berkoar di dahan mati. Dengarkan! jaman akan berganti lagi, tapi nanti, Setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh tujuh gunung. Ribut lagi seluruh bumi. Orang sunda dipanggil-panggil, orang sunda memaafkan. Baik lagi semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab berdiri ratu adil, ratu adil yang sejati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

Tapi ratu siapa? darimana asalnya sang ratu? Nanti juga kalian akan tahu. Sekarang, cari oleh kalian pemuda gembala.

Silahkan pergi, ingat jangan menoleh kebelakang!

sumber:  http://alangalangkumitir.wordpress.com
Kira-kira dalapan tahun anu katukang, anumana nyaeta dua urang mahasiswa Standford University nu wastana Larry Page sareng Sergey Brin ngawitan usahana ngawangun hiji situs aplikasi keur ngalacak cara sistematis kumpulan data-data gede informasi nu aya di Internet. Supaya eta lalampahan jeung kahayang ngawujud, maranehna ngabutuhkeun hiji tempat nu aman tur merenah keur digarawe. Tuluy keur ngamitian digarawe meunang hiji garasi nu bogana Susan Wojcicki di Menlo Park Resident.

Ngan saukur nyewa $1700 dollar Amerika sabulanna ka si Susan, dua mahasiswa nu  umurna karek duapuluh lima tahunan, satuju digarawena di garasi si Susan. Tah ti  dinya nu ayeuna lahir hiji perusahaan raksasa nu bisa online nu pangaruhna gede di  dunia anu ngaranna Google.
Mitina Susan teu nyangka, pagawean dua sobat dalitna bakal eksis mangtaun-taun, jeung bisa jadi perusahaan raksasa. Susan sorangan ngaku kenal jeung Brin dikenalkeun ku sobatna nu kabeneran bobogohan jeung si Brin. Dina danget ieu Susan ngajabat jadi Google’s Very Own Vice President ti Divisi Pengembangan Produk.

Salila lima bulan maranehna mimiti ngawangun Google di garasi ieu, jeung garasi eta geus jadi imah kadua maranehna. Salila eta oge Page jeung Brin boga kabiasaan ‘ngaratak’ eusi kulkas Susan, jeung kabiasaan ieu oge nu bakal ngainspirasi Google keur nyadiakeun ‘smorgasbord’ atawa dahareun gratis keur dalapan rebu karyawanna dina unggal poe panaluntikan, di unggal  bulanna.

Ayeuna Google geus kasohor jadi perusahaan raksasa nu moal pisan deui ninggalkeun hiji garasi, ku sabab ti eta ayeuna Google nyoba ngausahakeun sejarahna jeung ngaupayakeun meuli garasi eta samodel bentuk panyalindungan maranehna tina hiji sejarah migawe rongkah waktu jaman katukang nu ngadikeun Google jiga ayeuna.

Salah saurang juru bicara Google, Jon Murchinson ngawawarkeun ka Bigmouthmedia, Google geus meuli garasi eta nu tujuanna panyalindungan warisan sejarah, salain ti eta maranehna percaya ka hiji mitos keur ngarawat hiji warisan. Ayeuna, Google nu mimitina di Menolo Park jadi hiji perusahaan nu ngabogaan aset sanilai $10 milyar dollar Amerika jeung nilai pasar nepi ka $125 milyar dollar Amerika, hiji lumpatan nilai nu kacida gedena tina nilai awal perusahaan, dalapan tahun katukang mimiti diadegkeun ku Page jeung Brin ngan saukur $1 juta dollar Amerika.

Google ayeuna sadar posisina  nyaeta hiji perusahaan Search Engine jeung branding nukacida kuatna, sanggeus ngaliwatan waktu dalapan tahun migawe kacida beuratna. Sajalan jeung hal eta, popularitas ‘Kantor Garasi Google’-oge beuki kasohor. Hal eta ngingetkeun urang kana garasi Palo Alto jeung Los Alto, di dinya Hewlett-Packard jeung Apple mimiti ngadegkeun tahun 1938 jeung 1970. Hewlett-Packard akhirna meuli garasi tempat maranehna ngamimitian usaha eta, nu nilaina $1,7 juta dollar keur hiji garasi ngan ukuran 3,6 x 5,4 meter, nu baheula maranehna nyewa $45 dollar Amerika sabulanna. Nepi ka ayeuna, sabaraha gedena duit nu dibayarkeun Google keur imah nu luasna 177 meter persegi, eta oge  masih dirusiahkeun.

Jadi bener meureun pangna kitu oge, Google tos ngarencanakeun ngahijikeun imah jeung garasi eta, can aya beja nu pasti kana hal eta. Ngan aya sababaraha jalma ngomong, aya pamikiran ka dinya mah, keur dijadikeun guest house, ngan salila ieu loba pisan bus pariwisata jeung wisatawan nu nyokot gambar di ‘Kantor Garasi Google’, Ngan ti pihak Google boga pamenta ka The Associated Press, tong dipublikasikeun garasi eta teh. Sing kumaha oge, anu mana linggih atanapi tempat  "Kantor Ngancik Google" mah gampil pisan diteangannana di dunia internet.
Copyright © Lintas Bewara Sunda .
Javascript HOME - Diserat ku