Warung Internet

Naon Atuh ari Google teh? Google nyaeta..

Kira-kira dalapan tahun anu katukang, anumana nyaeta dua urang mahasiswa Standford University nu wastana Larry Page sareng Sergey Brin ngawitan usahana ngawangun hiji situs aplikasi keur ngalacak cara sistematis kumpulan data-data gede informasi nu aya di Internet. Supaya eta lalampahan jeung kahayang ngawujud, maranehna ngabutuhkeun hiji tempat nu aman tur merenah keur digarawe. Tuluy keur ngamitian digarawe meunang hiji garasi nu bogana Susan Wojcicki di Menlo Park Resident.

Ngan saukur nyewa $1700 dollar Amerika sabulanna ka si Susan, dua mahasiswa nu  umurna karek duapuluh lima tahunan, satuju digarawena di garasi si Susan. Tah ti  dinya nu ayeuna lahir hiji perusahaan raksasa nu bisa online nu pangaruhna gede di  dunia anu ngaranna Google.
Mitina Susan teu nyangka, pagawean dua sobat dalitna bakal eksis mangtaun-taun, jeung bisa jadi perusahaan raksasa. Susan sorangan ngaku kenal jeung Brin dikenalkeun ku sobatna nu kabeneran bobogohan jeung si Brin. Dina danget ieu Susan ngajabat jadi Google’s Very Own Vice President ti Divisi Pengembangan Produk.

Salila lima bulan maranehna mimiti ngawangun Google di garasi ieu, jeung garasi eta geus jadi imah kadua maranehna. Salila eta oge Page jeung Brin boga kabiasaan ‘ngaratak’ eusi kulkas Susan, jeung kabiasaan ieu oge nu bakal ngainspirasi Google keur nyadiakeun ‘smorgasbord’ atawa dahareun gratis keur dalapan rebu karyawanna dina unggal poe panaluntikan, di unggal  bulanna.

Ayeuna Google geus kasohor jadi perusahaan raksasa nu moal pisan deui ninggalkeun hiji garasi, ku sabab ti eta ayeuna Google nyoba ngausahakeun sejarahna jeung ngaupayakeun meuli garasi eta samodel bentuk panyalindungan maranehna tina hiji sejarah migawe rongkah waktu jaman katukang nu ngadikeun Google jiga ayeuna.

Salah saurang juru bicara Google, Jon Murchinson ngawawarkeun ka Bigmouthmedia, Google geus meuli garasi eta nu tujuanna panyalindungan warisan sejarah, salain ti eta maranehna percaya ka hiji mitos keur ngarawat hiji warisan. Ayeuna, Google nu mimitina di Menolo Park jadi hiji perusahaan nu ngabogaan aset sanilai $10 milyar dollar Amerika jeung nilai pasar nepi ka $125 milyar dollar Amerika, hiji lumpatan nilai nu kacida gedena tina nilai awal perusahaan, dalapan tahun katukang mimiti diadegkeun ku Page jeung Brin ngan saukur $1 juta dollar Amerika.

Google ayeuna sadar posisina  nyaeta hiji perusahaan Search Engine jeung branding nukacida kuatna, sanggeus ngaliwatan waktu dalapan tahun migawe kacida beuratna. Sajalan jeung hal eta, popularitas ‘Kantor Garasi Google’-oge beuki kasohor. Hal eta ngingetkeun urang kana garasi Palo Alto jeung Los Alto, di dinya Hewlett-Packard jeung Apple mimiti ngadegkeun tahun 1938 jeung 1970. Hewlett-Packard akhirna meuli garasi tempat maranehna ngamimitian usaha eta, nu nilaina $1,7 juta dollar keur hiji garasi ngan ukuran 3,6 x 5,4 meter, nu baheula maranehna nyewa $45 dollar Amerika sabulanna. Nepi ka ayeuna, sabaraha gedena duit nu dibayarkeun Google keur imah nu luasna 177 meter persegi, eta oge  masih dirusiahkeun.

Jadi bener meureun pangna kitu oge, Google tos ngarencanakeun ngahijikeun imah jeung garasi eta, can aya beja nu pasti kana hal eta. Ngan aya sababaraha jalma ngomong, aya pamikiran ka dinya mah, keur dijadikeun guest house, ngan salila ieu loba pisan bus pariwisata jeung wisatawan nu nyokot gambar di ‘Kantor Garasi Google’, Ngan ti pihak Google boga pamenta ka The Associated Press, tong dipublikasikeun garasi eta teh. Sing kumaha oge, anu mana linggih atanapi tempat  "Kantor Ngancik Google" mah gampil pisan diteangannana di dunia internet.

0 komentar

Tinggalkeun Balesan

Copyright © Lintas Bewara Sunda .
Javascript HOME - Diserat ku